السّلام عليكم ورحمةالله تعالى وبركاته
اَلْحَمْدُ للهِ الْوَاحِدِ الْقَهَّارْ
. اَلْعَزِيْزِ الْغَفَّارْ . مُكَوِّرِ اللَّيْلِ عَلَىالنَّهَارْ . تَذْكِرَةً
لأُولِى الْقُلُوْبِ وَالأَبْصَارْ . لِذَوِىالأَلْبَابِ وَالاِعْتِبَارْ . وَالصَّلاَةُ
وَالسَّلاَمُ عَلَىخَيْرِ الْبَشَرْ . سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ
وَصَحْبِهِ الْمُلاَزِمِيْنَ بِتَقْوَى اللهِ الأَكْبَرْ . اَمَّابَعْدُ .
سُبْحنَكَ لاَعِلْمَ لَنَا اِلاَّمَاعَلَّمْتَنَا اِنَّكَ اَنْتَ الْعَلِيْمُ
الْحَكِيْمُ . فَقَالَ اللهُ تَعَالَى فِىكِتَابِهِ الْكَرِيْمْ وَهُوَ اَصْدَقُ
الْقَائِلِيْنْ اَعُوْذُبِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمْ بِسْمِ اللهِ
الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ وَلَنْ تَرْضَى عَنْكَ الْيَهُوْدُ وَلاَالنَّصرى حَتَّى
تَتَّبِعَ مِلَّتَهُمْ .
Sateuacana cumarios,
pribados ngahaturkeun nuhun heula ka bapa pengatur waktos anu parantos masihan
waktos kapribados kanggo cumarios sok sanaos teu gaduh pangartos, ieu mah
etang-etang ngasah waos mudah-mudahan sapagodos sareng kahartos kupara ibu anu
nuju teu garaduh artos, wahna siujang nyarios mani nyoroscos bari bau sawios.
Para alim ulama waljuama penerus perjuangan bangsa terutama agama, anu ku jisimkuring dipihormat, para asatidz wal asatidzah nu ku Alloh dijadikeun senjata pikeun majuna agama di ieu persada anu kusimkuring di pihormat, oge bilih mah aya para aparat-aparatur pemerintahan setempat anu parantos ngiring kikibung dina raraga ngahirup-hirup agama anu sami ku jisimkuring dipihormat, oge teu kakantun ka para ibu-ibu sareng bapa-bapa anu parantos maksakeun ngalengkahkeun sampean kana ieu pangaosan anu sami ku jisimkuring dipihormat, wabil khusus kapara pemuda anu bergaya anu datang ka ieu pangaosan bari seja rek neangan randa…….ku simkuring dido’akeun mudah-mudahan sing mareunang randana, amiiin…. Ngiring amiin sadayana sing tarik amih meunang randana, punten tah ka bapa RT pamuda anu aminna rada tarik supados dicirian datangna ka ieu pangajian. Oge wabil khusus pisan kapara mojang lenjang anu harurung harerang lir ibarat bentang anu datang ka ieu pangaosan bari seja rek neangan bujang, kusimkuring didu’akeun mudah-mudahan sadayana sing pararayu, amiiin…..ngiring amin sadayana……anu amiinna rada tarik ciri teu payu, ngan anu teu ngiringan amin ciri euweuh harepan kana payu.
Para ibu para bapa anu ku jisimkuring dipihormat…………..
Langkung
tipayun hayu urang sami-sami nyicikeun puji anu paranti ka Alloh anu maha suci,
nyanggakeun puja anu biasa ka Dzat anu maha kawasa, sarta nyerenkeun syukur ka
Dzat anu maha ghofur, anu parantos masihat ni’mat panjang umur, Al-hamdulillah
dina danget ayeuna urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah paamprok
jonghok, riung mungpulung, bongkok ngaronjok di ieu haflah anu mubarokah, anu
tujuanana teu aya sanes iwalti seja ibadah, seja ngalaksanakeun parentahana
jeung hoyong kenging mordhotillah, leres teu bu……?leres teu pa……?, kalayan
mudah-mudahan tikawit ngalengkahkeun dua sampeanana, ngepatkeun dua pananganana
ti bumi masing-masing, boh tipalih wetana, kidulna atanapi tipalih kulonna, rek
ibu-ibuna, bapa-bapana, remaja-remajina, urang sadayana kenging ridhona Alloh
SWT, amiin ya Robbal’alamin, sehingga tiasa ngajantenkeun wasilah cukang
lantaran kanggo dihapuntenna dosa perdosa urang sadayana, wabil khusus ka anu
haladir, naon margina para wargi sadayana, peryogi dibuktoskeun ?? mangga !
وَقَالَ النَّبِيُّ
صَلَّ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمْ فِىكِتَابِ تَنْقِحِ الْقَوْلِ الحديث : مَنِ انْتَقَلَ
لِيَتَعَلُّمِ عِلْمًا غُفِرَلَهُ قَبْلَ اَنْ يَحْطُوَ
Saur Rosul : “Sing
saha jalma anu ngalengkahkeun dua sampeanana, ngepatkeun dua pananganana ti
bumina masing-masing, rek nu caketna atawa nu jauhna, tujuanana rek milarian
ilmu karena Alloh, maka غُفِرَلَهُ dihapunten eta dosa-dosana sijalma قَبْلَ اَنْ يَحْطُوَ dina samemeh
ngalengkahkeun kana eta dua sampeanana……masya Alloh ! kabita teu bu…...?
hoyong ? sok atuh papayun-payun dina فَسْتَبِقُوا
الْخَيْرَاتْ na
Oge sholawat sinareng salamna
mudah-mudahan Alloh ngalimpahkeun ka baginda tercinta, baginda termulia,
pimpinan diatas pimpinan, pemimpin anu cinta ummat, pemimpin anu cinta rakyat,
pemimpin anu adil tur bijaksana. Anjeuna jalmi anu teu wantun ngaleueut hiji
teguk cai, upama ditukangenana masih aya keneh rakyat anu kahausan, anjeuna
jalmi anu teu wantun tuang, lamun disagigireunana aya keneh jalma anu
kalaparan, anjeuna jalmi anu teu wantun ngabangun imah anu gede tur mantereng,
lamun disatukangeunana loba keneh rakyat anu hirupna terlantar, beda jeung
kaayaan pamimpin di zaman ayeuna anu hirupna serba edan, serba mewah jeung
serba waaah…..!!, kajeun rakyat malarat nu penting aing jadi konglomerat, sa
bodo teuing rakyat kalaparan nu penting aing bisa kenyang, kitu tah para
hadirin kaom muslimin wal muslimat kaayaan pamimpin dizaman ayeuna.
Ibu bapa kaom muslimin wal muslimat
Rohimakumulloh……….
Dina pangaosan ayeuna, insyaAlloh
jisimkuring bade ngabahas sareng nyampaikeun dakwah islamiyyah anu lumayan
menarik jeung insyaAlloh seueur manfa’atna, anu judulna 5 F cara jalma-jalma kafir ngahancurkeun ummat
Islam
Jadi Yahudi jeung kafir-kafir Nasroni, manehanana teu
bisa seuri, manehanana teu betah cicing, manehanana teu bisa tibra sare, lamun
ningali umat Islam, terutama ningali pemuda-pemudi Islam berperan aktif dina
kegiatan-kegiatan agamana, semangat dina memperjuangkeun jeung ngahirup-hirup
agamana, tapi manehanana terus jeung terus berusaha, kumaha cara supaya
pemuda-pemudi Islam anu kuat, umat Islam anu sekian mayoritas, ngajadi muslim
anu lemah jeung ngajadi umat anu minoritas, malah ku Alloh oge ieu sifatan
kafir-kafir Yahudi jeung Nasroni diabadikeun dina al-Qur’an surat Al-Baqoroh
ayat 120, anu bunyi ayatna kieu : وَلَنْ تَرْضَى عَنْكَ الْيَهُوْدُ
وَلاَالنَّصرى حَتَّى تَتَّبِعَ مِلَّتَهُمْ anu hartina : Jalma-jalma yahudi
Reujeung jalma-jalma Nasroni
Moal tenang dina hirupna
Mun umat Islam nyepeng agamana
Tapi
manehanana ridho
Reujeung
suka dina hirupna
Mun
umat Islam nu loba
Milu
kana agamana
Jadi urang kudu ati-ati lamun ningali umat non Islam seuri ka urang,
mesem ka urang, ulah disangka menehanana seuri kusabab resep ka urang, tapi
dibalik seuri eta, dibalik mesem eta, aya sajuta harapan, aya sejuta
angan-angan pikeun ngahancurkeun umat Islam, teu beda jauh kawas maung
ningalikeun kana huntuna, ulah disangka eta maung ngajak seuri ka urang, tapi
eta maung rek ngadahar urang, lamun urang nyangka eta maung ngajak seuri
kaurang, wah bakal cilaka dua belas.
Para hadirin sadayana, ngahaja Alloh SWT ngabejakeun kabencian Yahudi
jeung Nasroni ka ummat Islam, supaya ummat Islam leuwih waspada, supaya ummat
Islam leuwih mempertahankeun kana kaimanana, naon sababna….? Sabab iman
mangrupikeun hiji butir intan berlian anu bakal mawa kabagjaan dunia sareng
akheratna, oge masalah mempertahankeun kaimanan lain masalah anu gampang, komo
ayeuna zaman anu disebutna zaman era tekhnologi, era informasi, era
globalisasi, pek bae zaman loba bahasa era, tapi ulah terjadi zaman era ngaji,
boleh zaman berganti tapi iman jangan sampai mati, boleh zaman berubah, tapi
aqidah jangan sampai goyah.
Hadirin kaom muslimin wal muslimat rohimakumulloh…….
Diluhur tadi tos diuningakeun, yen program-program kafir, cara-cara
Yahudi jeung reka perdaya Nasroni dina ngahancurkeun Islam anu mayoritas
diantarana ku 5 F, sabab musuh ummat
Islam ayeuna leuwih licin, leuwih cerdik jeung leuwih berbahaya, maranehanana
lengoh teu mawa senjata, teu mawa bom atum, tapi tetep maranehanana salamina
berusaha jeung berusaha pikeun ngahancurkeun ummat Islam, terutama
pemuda-pemudi penerus estafet perjuangan Rosululloh SAW, mana diantarana anu
5 F :
1.
Ku Film
Urang kedah sadar sareng
waspada, cara maranehanana ngahancurkeun ummat Islam jeung generasi-generasi
Islam babarieun pisan, berputerna jeung bergulirna waktu timimiti zaman kuno
nepika zaman ayeuna, anu disebut zaman era informasi, zaman era globalisasi
sayen jeung tekhnologi, reka perdaya maranehanana terhadap umat Islam semakin
hebat jeung semakin canggih, sehingga ummat Islam henteu menyadari yen dirina
aya dina makar tipu daya jaringan jaringan laba-laba hitam sijahanam Yahudi
jeung Nasroni, boh melalui faktor kulturisasi, sekulerisasi jeung kristenisasi,
ku ditayangkeunana aliran-aliran anu matak nyesatkeun jeung ngabahayakeun
pikeun ngagorogotan aqidah-aqidah umat Islam, boh dikalangan usia anak-anak,
remaja nepika lanjut usia, melalui jaringan informasi tina majalah, koran jeung
bacaan-bacaan anu sanesna, terutama cara anu leuwih efektif nyaeta melalui
layar kaca, kuditayangkeunana film-film anu teu pantes, film-film cabul jeung
dekadensi moral sanesna ditiap-tiap bioskop, TVRI, RCTI, SCTV, TPI, INDOSIAR,
ANTEVE, METRO TV, INTERNET jeung saluran luar laina, leres teu buuu……..?, leres
teu paaaa…..?, sok tingali film-film anu aya di TV, naha aya anu nayangkeun
film-film anu berthemakeun tentang kaagamaan, anu ngabahas tentang
masalah-masalah agama Islam ?, ceuk jisimkuring aya, ngan dina bulan Romadhon
wungkul, sasesana anu sabelas bulan duka teh teuing, leres teu buuu..…? komo
eta si Yahudi jeung Nasroni, mani pinter-pinter teuing neangan waktuna, rek
sholat jum’at kalah ditayangkeun film India, leres teu paaa……? India tea, lamun
awewena geus jogetna, masyaAlloh eta bujal jeung susu, geus kama-mana, nyakitu
deui rek sholat maghrib jeung pangaosan ka masjid, kalah di tayangkeun
film-film anu rame, atuh budak teu jadi kamasjid, katut ka indung bapana, lain
kalah ngageunggeureuhkeun jeung mareuman eta TV, kalah saruana, ceuk indungna
teh…jang!! rada ditarikan volumena siga
rada rame yeuh film, atuh indung bapana oge sarua teu jadi kapangaosanana
Ibu-ibu bapa-bapa ahli pangaosan
sadayana, baheula mah lamun urang ngaliwat ka unggal imah anu kadangu teh sora
budak anu keur diajarkeun ngaji ku indungna Ba jabar Ba, Ba jeer Bi, Ba pees Bu
jadi Ba Bi Bu, ari ayeuna kumaha…..? ayeunamah lamun urang ngaliwat ka unggal
imah anu kadangu teh sora Evi Tamala, sora Michael Jakson, anu keur nyanyi,
sora kuis famili 100 jeung sora-sora anu sanesna, leres teu…..? baheulamah rek
ningali TV teh kudu leumpang heula ka balai desa, da euweuh anu bogaeun,
ayeunamah unggal imah euweuh anu henteu bogaeun TV, ibu, bapa garaduh TV teu
dibumi….?
2.
Ku Food (Fud =
makanan)
Hadirin saiman
jeung sakayakinan Rohimakumulloh……..
Kafir-kafir Yahudi jeung Nasroni ayeuna
nyerang pemuda-pemudi penerus agama Islam ku mangrupa dahareun, bahkan anu
dahareun anu leuwih hebat deui nyaeta obat-obatan terlarang, anu sok disebut ku
narkoba, ganja, heroin, sabu-sabu, exstasi jeung anu sanesna, ieu lain hal anu
aneh deui, tapi geus ngajadi hal anu tradisi jeung geus ngajadi kabanggaan,
timimiti mahasiswa, barudak SMP, SMA bahkan anu leuwih ngahawatirkeun deui, hal
ieu geus keuna kabudak-budak anu calik dibangku Sakolah Dasar, نعوذ
بالله من ذالك ieu kadaharan anu ngahaja disebar luaskeun ku
kafir Yahudi jeung Nasroni lain dikota-kota besar wungkul, tapi geus asup ka
pelosok-pelosok kampung, geus asup ka desa-desa, leres teu para
pemuda-pemudi……..?, lamun ibu-bapa ningali kriminal-kriminal anu disiarkeun di
televisi, sabagian besar masalah narkoba, ganja jeung sanesna, nyakitu deui
kejahatan-kejahatan saperti maling, perkosaan jeung lain-lainna, eta akibat
ditimbulkeun tina obat-obatan anu terlarang.
Generasi Robbani anu dimulyakeun ku
Alloh
kadang urang lengoh, kadang urang poho, yen
eta teh teu kurang teu leuwih mangrupakeun racun jeung kadaharan anu matak
ngagorogotan aqidah ummat Islam, nyakitu deui ayeuna ummat Islam geus bangga,
geus ngarasa pang aingna, lamun geus ngarasaan naon anu disebut Kentucky fried
Chiken, fizza Hut, Danking Donuts, hot dog, hamberger jeung kadaharan anu
sanesna anu memang ngahaja dijieun ku orang-orang kafir, malah mah era lamun
urang dahar di warung sangu anu bener-bener dijieun ku orang Islam, komo lamun
bari mawa kabogoh, leres teu……..?
3.
Ku Fashion (Fesen =
pakean)
Nomer ka tilu
cara kafir ngahancurkeun ummat Islam nyaeta ku mangrupa pakean, lamun ditingali
di zaman ayeuna pakean anu dipake ku ummat Islam geus jauh tina norma-norma
kaislaman, ummat Islam geus era lamun make pakean anu bernormakeun Islam, lamun
urang tingali awewe-awewe anu aya di desa jeung anu aya di kota, lamun keur
leuleumpangan di tempat-tempat anu terbuka, anu konon mayoritas pendudukna
muslim, maka ngan saeutik diantara awewe-awewe eta anu pantes disebut awewe
muslimah, anu make busana muslimah sesuai jeung ketentuan Alloh jeung Rosul-Na,
jeung sigana awewe anu make busana sesuai jeung norma kaislaman bisa keneh
dietang ku ramo. Jadi ulah nyalahkeun sasaha, lamun di zaman ayeuna loba pisan
perkosaan-perkosaan terhadap kaom wanita, naon sababna…….? sabab awewena
sorangan anu ngahaja-haja nembongkeun auratna, awewena sorangan anu
ngahaja-haja mere kasempetan jeung rangsangan ka lalaki pikeun ngalakonan
perkara anu dilarang ku agama. Lamun awewe geus samodel kieu dina cara
berpakeanana, maka tuntut diri sorangan, salahkeun diri sorangan lamun aya
kajadian kadirina. Jadi awewe anu make busana muslimah insyaAlloh bakal dijaga
tina gangguan leungeun-leungeun jahil, jalma–jalma anu iseng, jeung bakal
diriksa tina pemerkosaan anu akhir-akhir ieu sering terjadi, saperti anu
ditayangkeun di mass media, sakumaha dawuhan Alloh dina surat Al-Ahzab ayat 59
: ذلِكَ
اَدْنى اَنْ يُعْرَفْنَ فَلاَ يُؤْذَيْنَ
“Ngagunakeun
jilbab eta supaya manehanana bisa leuwih dikenal, maka manehanana henteu di
ganggu”
Hadirin saiman
jeung sakayakinan Rohimakumulloh………..
Sateuacana
urang nincak leuwih jauh dina masalah pakean anu jauh tina norma-norma Islam,
urang bahas heula fungsi tina busana muslimah jeung busana lalaki muslim, Alloh
ngadawuhkeun dina surat Al-A’rof ayat 26 :
يبَنِى
ادَمَ قَدْ اَنْزَلْنَا عَلَيْكُمْ لِبَاسًايُوَارِيْ سَوْاتِكُمْ وَرِيْشًا
وَلِبَاسُ التَّقْوى ذلِكَ خَيْرٌ ذلِكَ مِنْ ايتِ اللهِ لَعَلَّهُمْ
يَذَّكَّرُوْنَ......الاعراف
26
“Hei Bani Adam ! saenyana Kami
geus nurunkeun pakean kamaraneh pikeun nutupan aurat maraneh jeung pikeun
papaes. Tapi, nya pakean takwa anu pang hade-hadena mah, eta teh diantara
ayat-ayat Alloh supaya maraneh areling.
Jadi para generasi-generasi Islam sadayana, fungsi
pakean numutkeun ajaran agama Islam nyaeta pikeun nutupan aurat jeung pikeun
papaes, disamping eta , oge berfungsi pikeun ngajaga tina panas jeung tiris,
sakumaha anu diterangkeun dina surat An-Nahl ayat 81. Masalah fungsi pakean
pikeun nutupan aurat, dina hal ieu maka batas aurat awewe anu wajib ditutupan
nyaeta sakabeh badana salianti raray jeung dampal leungeun , hal ieu
diterangkeun dina sebuah Hadits riwayat Abi Daud ti Siti Aisyah R.A :
Dina hiji waktos Asma binti Abi Bakar lebet kabumina
kangjeng Rosul, kalawan make pakean anu ipis, maka kangjeng Nabi langsung
ngabalikeun rarayna , tuluy sasauran :
يَااَسْمَاءُ اِنَّ
الْمَرْءَةَ اِذَا بَلَغَتِ الْمَحِيْضَ لَمْ يَصْلُحْ اَنْ يُرَى مِنْهَا شَيْئٌ
اِلاَّ هذَا وَاَشَارَ اِلَىوَجْهِهِ وَكَفَّيْهِ
Hartosna : “Hei Asma, saestuna awewe anu geus balegh, teu meunang
katingali tina awakna saeutik oge, iwalti ieu jeung ieu, Nabi masihan isyarah
kana rarayna jeung dua dampal pananganana.
Kaom
muslimin wal muslimat Rohimakumulloh………..
Padahal lamun awewe muslimah ngagunakeun busana
muslim bari rapih, bakal katingali anggun jeung beuki geulis, setiap lalaki
atawa awewe anu ningalina bakal kapincut jeung bakal ngucapkeun salam ka eta
awewe, lamun keur leuleumpangan atawa tumpak angkutan umum moal aya anu
ngaganggu, moal aya anu wani nyentuh, komo wani memperkaos mah ! sabab euweuh
saeutik pisan tina sebagian anggota badanna
anu matak ngahudangkeun siujang, kabehanana tertutup, anu aya dina
dirina ngan wungkul kaanggunan jeung kaanggunan. Tapi lamun awewe make pakean
anu kurang lawon, make rok mini atawa celana levis, baju anu ketat sahingga
bagian luhur, tengah jeung handapna katingali jelas, beunget di make up mani
kaleuleuwihan, maka nalika tumpak kendaraan umum, kenek pun tanpa ragu-ragu
menyentuhnya, leres teu………? Aya pemudi didieu anu kawas kieu…? mudah-mudahan
euweuh. Amiin.
Jadi sakali
deui, cara kafir ngahancurkeun generasi Islam, ngahancurkeun aqidah
pemuda-pemudi Islam, nyaeta ku jalan pakean anu jauh tina norma-norma
kaislaman. Pantes soteh orang luar make pakean anu kitu, da awakna bodas,
jangkung, langsing, ari urang, nya orang kampung, nya awak hideung, nya pendek,
nya gendut, boboraah pantes, anu aya oge pikaresepeun peureup, teu percaya……?
sok tanyakeun tah ka pamuda-pamuda didieu, sanes kitu……..?
4.
Ku Financial
(Finansial = keuangan)
Nomer
ka opat cara kafir Yahudi jeung Nasroni ngahancurkeun ummat Islam nyaeta ku
kauangan, urang sadayana geus terang yen negara Indonesia, negara anu sakieu
suburna, negara anu gemah ripah loh jinawi, negara anu mayoritas beragama
Islam, tapi dibalik ieu negara Indonesia hirupna masih gumantung kana naon anu
disebut dolar, masih gumantung ka Amerika, ieu ngahaja jeung ieu mangrupakeun
sebagian cara kafir ngahancurkeun negara Indonesian anu mayoritas beragama
Islam, hayu urang telaah jeung urang tingali kaayaan zaman ayeuna !!, lamun
dolar naek, harga-harga kabeh naraek, timimiti bahan pokok saperti beas,
minyak, bumbu-bumbu jeung sabangsana kabeh naraek, harga susu semakin menonjol,
harga kacang semakin terjepit, ngan aya anu henteu naek nyaeta eusi kolor anu
henteu naek, leres teu buu…? Sareuri siga nu apal weh, naon sababna si
ontohod-ontohod Yahudi jeung Nasroni ngahancurkeun Islam ku mangrupa kauangan
?, sabab manehanana apal yen sebagian besar kalemahan ummat Islam nyaeta ku
duit, sabab umat Islam lamun geus butuh-butuh teuing, geus kapepet-pepet teuing
ku masalah duit, manehanana wani ngajual agamana, konon kabarna aya hiji
keluarga anu geus ripuh kahirupanana, meuli ieu geus teu bisa, meuli eta geus
teu mampu, da teu boga duit tea, tuluy datang hiji jalma kafir bari nawarkeun
rek mere duit jeung mere kadaharan, ngan syarat eta kabeh keluargana kudu asup
kana agama manehanana, kusabab eta keluargana lemah dina sagalana, lemah dina
kaimananana, lemah dina ekonomina, eta keluarga wani ngorbankeun, wani
ngagadekeun agamana demi duit jeung demi dahareun, Naudzubillahi min dzalik,
loba-loba deui contoh ummat Islam anu wani ngaleupaskeun kaimananana, wani
pindah kana agama non Islam, wani ngajual agamana demi meunangkeun duit jeung
duit, kusabab kitu bener saur Rosul : كَذَ الْفَقْرُ اَنْ يَكُوْنَ كُفْرًا
5.
Ku Funs (Fans = tontonan)
Terakhir cara kafir Yahudi jeung Nasroni ngahancurkeun
ummat Islam nyaeta ku mangrupa tontonan, benteun tontonan sareng film, lamun
film ayana dilayar TV, lamun tontonan ayana di tempat-tempat terbuka, saperti
konser, pameran, jeung sanes-sanesna, sok tingali, naha aya anu nampilkeun
konser tentang norma-norma kaislaman, saperti maca sholawat minimal lagu-lagu
Islam, nada dan da’wah, sigana geus euweuh, lamun aya oge anu model kitu,
sigana anu ningalina ngan barudak leutik, leres teu……..?, tapi lamun konser
dangdut, konser Dewa 19, konser Padi jeung konser-konser anu sanesna anu bari
jaroget, bari marabok, bari silih rangkul jeung awewe, anu nongtonna waaaahh
loba, nepika tiket sabaraha oge dibeuli, nyakitu deui dina pameran, naha aya
pameran anu mamerkeun tentang kebudayaan-kebudayaan jeung sejarah-sejarah
Islam, anu mamerkeun busana muslim jeung muslimah…? anu aya oge anu mamerkeun
pakean-pakean barat, anu mencolok jeung katingali aurat. Jadi sakali deui urang
kedah waspada tina tipu daya kafi-kafir yahudi jeung Nasroni.
Ibu-ibu bapa-bapa kaom muslimin wal muslimat
rohimakumulloh………..
Kadang ummat Islam hare-hare jeung jongjon kana
kagiatanana masing-masing, sementara syiar Islam diantep, sarana tempat ibadah
kosong pada ditinggalkeun, bahkan generasi anu rek nuluykeun kana agamana
sorangan teu kapikirkeun, tungtungna anak jeung incuna saralah jongjon ku
salahna, nu maksiat jongjon ku migawe maksiatna, aqidahna kosong molongpong,
imanna ngulit bawang, kapercayaanana kana agama Islam geus ngurangan, lantaran
teu aya dorongan ti anu jadi indung bapana pikeun nyekel pageuh agamana. Lamun
zaman geus kieu kaayanana, saha anu rek disalahkeun…? urang teu bisa nyalahkeun
ka generasi muda, tapi urang perlu introfeksi kadiri urang masing-masing.
Kumargi kitu, ngalangkungan ieu pangaosan, sim kuring
gumajak kapara wargi sadayana, hayu urang pada ngaping jeung ngajangjaring
sarta nyalametkeun aqidah Islamiyyah dina rongga dada ummat Islam khususna,
kapara putra-putri urang, tancepkeun deui rasa simpati jeung rasa tanggung
jawab kana agama. Sateuacan terlambat, generasi muda masih keneh tiasa
diusahakeun, masih beunang di papatahan, pek geura wariskeun jeung turunkeun
kapercayaan jeung kayakinan urang kana agama ka putra-putri urang sadayana,
weuteuhkeun deui emutan pikeun melakkeun rasa betah nyekel kana agama Islam,
tamplokeun perhatian jeung didikan urang sadaya, supaya para putra-putri urang
nyaraho kana agama anu bener, yakin kana Islam, berakhlak anu hade sarta
berbudi anu luhur.
Rupina cariosan tisimkuring dicekapkeun sakieu,
babak sapanon, carang sapakan, bengkok sembah ngijing sila, igeug taligeung,
laer aisan, landoy kandungan, leuleus jeujeur, liat tali, bobot pangayon
timbang taraju, teu getas harupateun
Seueur laku lampah anu matak tugenah kana manah,
seueur saur anu matak tagiur kana kalbu dulur-dulur, seueur carios anu teu
kahartos sareng sapagodos sareng buktos, boh anu karaos atanapi anu molodos,
estuning sepi tina pangarti sepa tina pangabisa, sepi tina pangarti, anu leres
eta nyata pisan tiPangeran, anu salah eta mangrupikeun tina kakhilafan jeung
kabodoan jisim kuring, tapi urang nyuhunkeun ka Alloh, mudah-mudahan tina ieu cariosan aya
manfa’atna khususna kanggo anu nyariosna umumna kanggo hadirin anu sami-sami hadir,
harepan urang tiasa ngalaksanakeun tina ieu pidawuh Alloh jeung pidawuh
Rosulullah dina aspek kahirupan urang sapopoe, sareng mudah-mudahan urang tiasa
ngahindari jeung tiasa memahami kana tipu daya jeung kajahatan kafir-kafir
Yahudi jeung Nasroni dina ngagorogotan aqidah Islamiyah dipara generasi Islam.
Sareng mudah-mudahan urang sadayana diraksa, diaping ku Alloh SWT tina reka
perdaya kafir-kafir Yahudi jeung Nasroni. Amiin ya Robbal’alamin
Ditutup ku do’a :رَبَّنَا اتِنَافِىالدُّنْيَا حَسَنَةً
وَفِىالأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
مَااَصَابَكَ مِنْ حَسَنَةٍ فَمِنَ اللهِ
وَمَااَصَابَكَ مِنْ سَيِّئَةٍ فَمِنْ نَفْسِكَ . اُوْصِيْكُمْ بِالنَّفْسىِ
بِتَقْوَىاللهِ . هَدَانَااللهُ وَاِيَّاكُمْ اَجْمَعِيْنَ . وَاللهُ الْمُوَافِقُ
اِلَى اَقْوَامِ الطَّرِيْقْ . خُذْ مَاصَفَى دَعْ مَاكَذَرْ . اَخِرُ الْكَلاَمْ
بِاللهِ التَّوْفِيْقْ وَالْهِدَايَهْ وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ
تَعَالَى وَبَرَكَاتُهْ




0 komentar:
Post a Comment